Jumat, 05 September 2014

NGAHISAB DIRI



NGAHISAB DIRI

Hartosna : Pek baca kitab anjeun, cukup diri anjeung sorangan bae dina poe iru mah anu ngahisab diri anjeun teh
Namina jalmi biasa sapertos urang sadayana moal salawasna nincak dina leres margi sanes malaikat, sanes nabi nya kitu deui moal salawasna nincak dina lepat margi sanes syetan. Tapi terkadang nincak dina leres terkadang nincak dina lepat, sok sanaos narekahan, ngusahakeun hoyong salamina leres dina ngalaksanakeun ibadah ka Gusti Allah.
Kumargi sok aya lepatna, kanggo ngoreksi eta kalepatan, maka dipernyogikeun ngahisab/ngoreksi diri pribadi, mapay kalepatan diri.
Imam Al-Gozali, aneunna maparin bongbolongan kanggo jalmi anu
Hoyong ngoreksi kalepatan diri
Nyaeta ku opat cara :
1.     Kedah gaduh guru, kedah kersa calik dipayuneun guru anu waspada kana kalepatan muridna, guru anu kersa nuduhkeun sareng ngalereskeun kalepatan muridna, guru anu terang kana pancabaya anu bakal ngaragragkeun martabat muridna.
2.     Kedah sering sasarengan sareng sobat, sanes wungkul sobat dina urusan ekonomi anu wungkul sobat dina pakasaban, tapi anu dimaksud sareng anu utami, nyaeta sobat anu seueur leresna, sae laku lampahna, dianggap babaturan anu paragi ngageuing kalepatan diri, margi sobat anu sae tur leres nyaeta sobat anu kersa ngageuing, dimana-mana diri ngalanggar kana aturan, sanes babaturan anu antepan.
Hartosna : Ari pang sae-saena babaturan
Nyaeta jalmi anu sok ngalereskeun anjeun (dimana-mana anjeun lepat) sanes anu ngabarengan ka anjeun wungkul, pidawuh nu maha suci.
Hartosna : Jeung poma anjeun ulah nurut ka jalma anu hatena geus dipohokeun tina eling ka kami, sarta manehanana turut kana hawa nafsuna, turta raroyal awuntah sagala urusanana. (QS. Al-kahfi : 28).

OPAT PASIPATAN NU KUDU DIPAHING KU PAMIMPIN

OPAT PASIPATAN NU KUDU DIPAHING KU PAMIMPIN

1.      Pundungan
Istilah pundungan di tatar Pasundan Priangan masih dipikawanoh keneh. Budak sok pundung, minantu pundung nu paling aneh aya keneh pajabat pundungan. Pejabat didemo pundung, kalah nu didemona ditewak. Subhannalloh demi Allah keur nyimbutan kasalahan. Sipat pundungan kudu dijauhan.

2.      Babarian
Babarian sasaruanana tina teu kaopan. Andai ada perkataan kritikan, mudah tersinggung. Selalu tidak ingin mendengar berita buruk. ABS (Asal Bapa Senang), Pamimpin yang punya sifat babarian mungkin ini pemimpin yang berjiwa “sosial” So-na keur kuring sialna keur anak buah jeung rahayat.

3.      Kukulutus
Orang yang suka kukulutus dalam hidupnya nyieun carita teu nyata janji teu ngabukti. Beungeut nyanghareup ati mungkir. Andai bekerja puraga tamba ka dengda. Sifat ini sangat dipahing sekali oleh….. sebab bisa mencelakakan diri dan orang lain.

4.      Humandeuar
Humandeuar mun dibahas keun mah sok ngarasula. Loba luh lah, sok loba aral subaha, epes meer, yang pada akhirnya tidak punya jiwa petarung. Leutik sumanget. Padahal memeh pok geus kudu pek, memeh leumpang kudu geus lempeng”. Pek dengekeun kabutuh balarea, rasakeun ku hate, tempokeun ku panon, cabak ku leungeun, lengkahkeun ku suku, naon kabutuhan rahayat leutik jeung anak buah. Cumponan ulah kaleked jeung humandeuan pikukuh tatakrama pamimpin sunda di atas tadi semoga menjadi obor, keur para pamimpin nu keur pararoek dina hirupna. Sabab sok kajongjonan diuk na korsi gading gilang kancana, bari ngawih.